Sunday, May 6, 2007

Wednesday, April 25, 2007

Friday, April 20, 2007

Hanya PadaMu Ya Allah..

Ya Allah Tuhanku yang Maha Kuasa,..
Hanya PadaMu aku Menyembah dan hanya PadaMu aku memohon..
Tiada daya dan upaya melainkan atas ijin Engkau..
Dahulu aku Kau uji dengan Materi yang belimpah..
Kini kuterima semua kesulitan ini sebagai berkah..
pintaku ya Allah,..
Tolong Kau kuatkan aku,.Bersihkan hatiku,.dari semua prasangka burukku PadaMu..
Sesungguhnya Engkau Maha Segalanya,.

Wednesday, April 18, 2007

"GIGI" MANIAC

"GIGI" Signature


Saking nge Fansnya sama "GIGI" sampai pesan nomor mobil khusus : D 61 GI

Me and Dewa Budjana

Me and Budi

"GIGI" Old Personal

Cassete & Merchandise "GIGI"

Me and Armand Maulana

Orang "Ndeso" ka singapore..







linggih ka Thailand

Bencong Thailand,meni geulis nya..jadi ngga pede,soalnya my body kalah yahud neeh..(eh..Astagfirulloh ketang Ya Allah,daku tidak mensyukuri PemberianMu...)


Aduuh anaking,..bade kamana atuh hidep teh,apung apungan diluhur laut..
nyam, nyam,..boleh makan anggur sekenyangnya nich..
Di Nong Nooch Tropical Garden..


Thursday, April 5, 2007

Abdi keudah Nikah deui...? Eleuh eleuh...

Kitu saur Pa Ustad Asep saurna,..Abdi teh keudah nikah deui,..hehe,sanes poliandri..maksadna abdi keudah nikah ulang sareng Sang Aa,kumargi dahulu kala,waktos abdi nikah teu di Walian ku pun Bapa( Asli..) atanapi ku Wali Hakim,..nanging ku raka nu nembe kauninga ayeuna yen raka teh mung raka angkat,janten saur Pa Ustad Asep teh Syah menurut Negara da serat nikah lengkap dan terdaftar,ngan tidak Syah menurut Agama Islam..(hik..hik..ceudih pisan..)..janten selama 15 tahun ieu teh abdi teu syah nikahna nya...? weleh,..sami sareng Z..A,teu sanggeum ah nyeratna..nanging da Allah mah Maha Tau,Maha Mengerti dan Maha Pengampun,..nikah tidak syah teh karena ketidaktahuan abdi sareng caroge...mugi Di Ampuni ku Allah SWT..Amin..
Saur Pa Ustad Asep teh,eta teh..( nikah teu syah menurut Agama Islam.)yang menyebabkan banyaknya kendala dan musibah yang menimpa diriku ini..(..kadang sok isin pami nyebat sadaya kasesah nu di alami salami ieu teh musibah,abdi mah langkung raos nyebatna Ajab,kumargi rumaos seeur Dosa.)Pami Rezeki materi,...Alhamdulillah.. ageung pisan nu dipaparin Gusti Allah ka simkuring teh ngan sok menghilang teu tapakan..tara nyangsang saur Mamah Mertua mah..seperti air di daun talas..padahal(punteun sanes takabur)raraosan mah tara hilap kanu alit,tara ngantep kanu sesah..nanging duka kamarana eta materi teh lumpat na..
Dengan hanya berharap Ridlo Allah SWT,Insyaalah,nyungkeun piduana ti palawargi sadaya,enjing ping 7 April 2007,Abdi sareng Sang Aa bade nikah deui di Walian ku Pun Bapa (Asli)..Dijajap ku Teteh Een,Kang Ajang,..pami teu aya pamengan,Mas Joko,Mbaku,dan anak anakku tercinta..( malam pertama lagi dong...ehem ehem..) jadi penganten lagi ni yee..hehe..jadi maluuuu...

Sampurassunnn...

Sampurasuunn..Nepangkeung,abdi ateu..pondokna ti Tante..nanging punteun paralun,..sanes tante girang,..hehe..
Maksad ngadamel Blog teh hoyong ngiringan WSAB,mamanawian abdi janten tinggal di Luar Nagari,.....janten tiasa komunikasi sareng wargi wargi ti penjuru dunia..moal kurung batok deui,..nanging punteun,abdi mah Ndeesso pisan sareng Gaptek..maklum hanya lulusan "S3" alias SD,SMP,SMA anu tara gaul dan tara rajin membaca tea,..kumargi seeur geuning kasebat anu sami sami lulusan"S3" ge pengetahuanna sami sareng Sarjana karena mau belajar dan membaca....Ngadamel Blog ge meni kaluar kesang badag kesang lembut,pami teu aya Kang Amin anu sabar, baik hati, tidak sombong dan rajin menabung mah moal gaduh Blog..Tararengkyu yah Kang Amin..jasamu takkan pernah kulupakan..
Kumargi syarat kanggo ngiringan WSAB teh keudah aya patula patalina sareng sunda,janten abdi bade ngadongeng saalit.."eng-ing-eng"...
Abdi ateu,ngangkeun orang Sunda,kumargi ti orok beureum abdi tos aya di weweungkon Bandung,di adopsi ku pun uwa istri ti pihak bapa anu carogena orang sunda,..( bingung tidaaak..?).sawios Bapak Asli ( bapak biologis bahasa gaulna mah...) oarang Demak...kade lepat sanes Denmark....sareng Ibu Asli orang Tionghoa,nanging abdi mah ngangken orang Sunda weh..( teu aya anu kaabotan...?)..da abdi mah teu tiasa bahasa Jawa,komo deui bahasa China..ngan anu teu tiasa disumputkeun teh soca abdi..sipit..nempel ti pun biang panginten..kulit (rada..) bodas..seeur papanasan janteun bodas kolot..kamana mana sok di sebat Nci wae..Caroge abdi ASSUN,alias Asli Sunda..sami socana sipit..ngan kulitna sawo matang..sekali..alias Hideung..(hehe..jangan marah ya husband..for me,you are the most handsome man in the whole world.....suer abis..)Abdi gaduh 2 Putri anu gareulis sareng saroleh..amin..ngan raresep jajan..tara nyungkeun artos mah,ngan tukang dagang nu ngalangkung pasti di pegat..hehe..namina Teteh Tia sareng Dede Tevi..My Beloved Daughters...
Sakie heula dongeng ti abdi,bilih bosen,..baktos abdi ka palawargi WSAB atanapi sadaya anu maca dongeng ti abdi..hapunteun pami aya lepat nyerat atanapi lepat nyarios,..maklum orang kampung bau lisung..haturnuhunnn.