Thursday, April 5, 2007

Abdi keudah Nikah deui...? Eleuh eleuh...

Kitu saur Pa Ustad Asep saurna,..Abdi teh keudah nikah deui,..hehe,sanes poliandri..maksadna abdi keudah nikah ulang sareng Sang Aa,kumargi dahulu kala,waktos abdi nikah teu di Walian ku pun Bapa( Asli..) atanapi ku Wali Hakim,..nanging ku raka nu nembe kauninga ayeuna yen raka teh mung raka angkat,janten saur Pa Ustad Asep teh Syah menurut Negara da serat nikah lengkap dan terdaftar,ngan tidak Syah menurut Agama Islam..(hik..hik..ceudih pisan..)..janten selama 15 tahun ieu teh abdi teu syah nikahna nya...? weleh,..sami sareng Z..A,teu sanggeum ah nyeratna..nanging da Allah mah Maha Tau,Maha Mengerti dan Maha Pengampun,..nikah tidak syah teh karena ketidaktahuan abdi sareng caroge...mugi Di Ampuni ku Allah SWT..Amin..
Saur Pa Ustad Asep teh,eta teh..( nikah teu syah menurut Agama Islam.)yang menyebabkan banyaknya kendala dan musibah yang menimpa diriku ini..(..kadang sok isin pami nyebat sadaya kasesah nu di alami salami ieu teh musibah,abdi mah langkung raos nyebatna Ajab,kumargi rumaos seeur Dosa.)Pami Rezeki materi,...Alhamdulillah.. ageung pisan nu dipaparin Gusti Allah ka simkuring teh ngan sok menghilang teu tapakan..tara nyangsang saur Mamah Mertua mah..seperti air di daun talas..padahal(punteun sanes takabur)raraosan mah tara hilap kanu alit,tara ngantep kanu sesah..nanging duka kamarana eta materi teh lumpat na..
Dengan hanya berharap Ridlo Allah SWT,Insyaalah,nyungkeun piduana ti palawargi sadaya,enjing ping 7 April 2007,Abdi sareng Sang Aa bade nikah deui di Walian ku Pun Bapa (Asli)..Dijajap ku Teteh Een,Kang Ajang,..pami teu aya pamengan,Mas Joko,Mbaku,dan anak anakku tercinta..( malam pertama lagi dong...ehem ehem..) jadi penganten lagi ni yee..hehe..jadi maluuuu...